GazanaPublika.com – Sakira jam 10 isuk aya ibu-ibu asup ka kantor polsek bari ceurik. Salah saurang anggota pulisi nangtung terus ngudag si ibu.
“Mangga calik, Bu. Aya-aya naon iyeu dugi rambay cipanon?” ceuk sersan pulisi.
“Abdi kacopetan, Pa.”
“Oh. Mangga, Ibu carioskeun kronolohisna, ku abdi bade diketik.”
“Kronolohis eta naon, Pa?” ceuk Si Ibu bari dadana renghab-ranjug sesa ceurik.
“Oh, awal mulana Ibu kacopetan kumaha. Mangga carioskeun.”
“Abdi naek angkot di payun kacamatan tujuanna ka pasar. Di tengah jalan aya nu naek pamuda. Teu lila abdi kasarean. Tah, pas abdi hudang lalaki eta tos teu aya. Paa abdi bade mayar ongkos sihoreng dompet teu aya. Abdi mah yakin dipaling ku pamuda eta.”
“Ari dompetna ku Ibu disimpen di mana?”
“Iyeu di dieu, dina kutang,” ceuk Si Ibu bari nunjuk kana dadana.
“Emang ku Ibu teu karaos kitu? Pan dompet eta kacepet, karaos pami aya nu nyandak.”
“Pas leungeunna asup mah karasa, Pa. Neung ku abdi diantepkeun. Ja dikira ku abdi mah si goblog eta moal bari nyokot dompet,” ceuk Si Ibu bari ngadongeak.
“Oooh. Tah, upami kronolohisna jiga kitu, saran abdi Ibu laporanna ka KUA. Di dieu mah teu nampi. Kantor KUA saratus meter ti dieu, taroskeun wae. Mangga,” ceuk pulisi bari nangtung.

